BEWARA
Bewara (ind. Pengumuman) sarua jeung beja, wawaran,
atawa embaran anu ditepikeun ku salah saurang jalma ka jalma loba. Tujuanana
sangkan nu dibere beja teh apal kana naon-naon anu ditepikeun.
Bewara oge bisa disebut iklan, tapi anu disebutkeun iklan
mah miboga ciri-ciri sejen nu leuwih husus, lantaran tujuanana sangkan leuwih
bisa mincut hate batur, bisa ku caranepikeunana kaleuleuwihi (bombastis), sarta
sifatna mangaruhan (persuasif).
Ciri-ciri beware
- Judul bewara;
- Aya jejer anu dibewarakeun;
- Aya eusi anu dibewarakeun, ngawengku ngaran kagiatan atawa barang anu dibewerakeun, tempat jeung waktu kagiatan, tujuan bewara.
Ciri-ciri IKLAN
- Aya judul iklan;
- Aya jejer anu diiklankeun;
- Kalimahna parondok;
- Kecap-kecap anu dipake leuwih jentre hartina;
- Sifatna mangaruhan (persuasif)
MIKAWERUH SASTRA LAGU
Istilah lagu leuwih dipikawanoh ti batan kawih atawa tembang. Rupa-rupa kawih
kaayeunakeun. Upamana wae, kawih nu dijieun sarta dihaleuangkeun ku Doel
Sumbang, Nining Meida, Dety Kurnia, Bungsu Bandung, jsb. Kawih anu bieu leuwih
dipikawanoh ku istilah lagu. Saenyana anu dimaksud lagu nyaeta susunan nada anu
dipidangkeun saalus-alusna nepi ka endah jeung genah kadengena.
Lagu disebut oge susunan
wirahma (ritme), panjang pondokna atawa ajen (harga) nada. Lagu dipake oge
pikeun turun-naekna, sarta panjang pondokna sora dina maca, tembang, jeung
ngaji. Wangun
ugeran, puisi atawa syair anu dipake midangkeun lalaguan, kawih, jeung tembang,
(Indonesia: nyayian), disebut rumpaka. Rumpaka minangka
katerangan tina tema atawa lagu. Anu dihaleuangkeun tadi kaasup kawih modern. Kawih modern anu nadana
pentatonis disebut lagu pop.
Istilah kawih diartikeun
rakitan basa sabangsa dangding, sarta kawih mah henteu make patokan pupuh.
Kawih mangrupa sekar anu kauger ku embat atawa tempo kalawan rumpaka atawa
syair anu tangtu. Kawih biasana disusun ku ahli husus nu disebut panyanggi
(Ind: komponis). Kawih
sok dihaleuangkeun ku sinden atawa juru sekar, sarta biasana dipirig ku gamelan.
Rupa-rupa kawih buhun atawa klasik saperti Mojang Priangan, Hariring Kuring,
jsb. Seniman anu sok nyanggi kawih di antarana bae: Mang Koko, Nano S, Doel
Sumbang, jsb.
Beda jeung lagu atawa kawih,
aya oge nu disebut tembang. Tembang mangrupa seni sora lagu anu wirahmana
bebas, tapi biasana sok kauger ku patokan pupuh. Tembang sok dipirig ku kacapi suling. Aya rupa-rupa
tembang Sunda, di antarana bae: tembang beluk (nembangkeun wawacan), Cianjuran
(ti Cianjur), Ciawian (ti Ciawi, Tasikmalaya), jeung Cigawiran (ti Cigawir,
Limbangan Garut). Tembang umumna sok ngagunakeun patokan pupuh anu 17. Salian
ti lagu/kawih atawa tembang aya oge nu disebut kakawihan, nyaeta lalaguan anu
sok dihaleuangkeun ku barudak.
MINGPIN RAPAT
Rapat kaasup kana kagiatan komunikasi jeung interaksi
sosial, disebut kagiatan komunikasi lantaran dina rapat aya pesen-pesen anu
ditepikeun ku pamingpin rapat ka pamilon rapat. Jadi rapat nya eta babadamian
pikeun ngarengsekeun hiji masalah dina organisasi. Dina rapat oge silih tempas
omongan pikeun madungdengkeun eusi nu dirapatkeun.
TANGGUNG JAWAB PAMINGPIN
RAPAT
- Ngajaga atawa miara lancarna diskusi;
- Ngalelempeng jalanna diskusi sangkan ngahontal tujuan nu dipiharep;
- Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon diskusi;
- Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil diskusi;
- Ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon.
Tatahar pikeun jadi panumbu
catur anu alusPersiapan
- pribadi pikeun jadi panumbu catur (pamingpin rapat), di antarana:
a) nyiapkeun bahan-bahan anu dipake pikeun ngatur
diskusi;
b) miboga gambaran anu jentre ngeunaan sasaran atawa
hasil tina diskusi;
c) siap nyanghareupan sagala hal nu bakal kajadian,
upamana aya beda pamadegan.
.2.
Persiapan keur nyanghareupan pamilon (audien),
di antarana:
a) komunikasi anu alus jeung pamilon;
b) mikawanoh watek (karakteristik) umum para pamilon
samemehna; jeung
c) alusna mah aya hubungan anu loma (akrab) samemeh
diskusi lumangsung.
HAL-HAL ANU KUDU DITITENAN
UPAMA JADI PANUMBU CATUR
- Panumbu catur perlu merhatikeun tata cara sopan santun protokoler hiji daerah;
- Omongan panganteur kana kagiatan diskusi alusna mah singget tapi jentre (jelas;
- Perlu miboga sikep objektif tur tumarima (terbuka) ka sakur pamilon;
- Kudu bisa jadi panengah pamilon nu patorog-torog ku cara nu alus sarta bisa mangaruhan (persuasif);
- Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon.
Mikawanoh istilah organisasi
- Pupuhu: ketua atawa kepala;
- Girang serat: sekretaris atawa juru tulis;
- Panata harta: bendahara;
- Pangaping: pembimbing
- Papayung: pelindung
- Notulen: jalma nu sok nuliskeun lumangsungna rapat;
- Sekretariat: alamat (kantor) organisasi;
- Panata calagara: panitia acara;
- Komite: panitia atawa sawatara jalma anu dipapancenan ngalaksanakeun putusan pamarentah, putusan rapat, jsb.
- Lembaga: badan atawa pakumpulan (organisasi) nu maksudna nalungtik salah sahiji widang pangaweruh katut usaha ngamekarkeunana;
- Seksi acara: pangurus dina organisasi nu kapapancenan nguruskeun acara;
- Seksi angkang-ingking: pangurus widang nu nguruskeun transportasi jeung akomodasi;
- Seksi humas: pangurus dina organisasi nu kapapancenan nguruskeun hubungan jeung masarakat;
- Seksi kasenian: pangurus dina organisasi nu kapapancenan nguruskeun widang kasenian;
- Seksi konsumsi: pangurus dina organisasi nu kapapancenan nguruskeun konsumsi;
- Yayasan: badan atawa organisasi anu disahkeun ku notaris pikeun ngalaksanakeun tujuan sosial, saperti ngadegkeun sakola, jsb.
CARPON
Carpon nyaeta karangan
rekaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok. Galur caritana
relatif basajan lantaran jumlah caritana henteu rea, museur kana hiji kajadian
utama. Palakuna oge ukur dua atawa tilu urang. Ku lantaran kitu, carita pondok
mah ukuran caritana oge pondok , sarta caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe.
CIRI-CIRI CARPON
1. Sumebarna sacara tinulis;
2. Wangunna relatif pondok;
3. Palakuna teu pati loba;
4. Galurna basajan;
5. Dipikanyaho anu nulis atawa
ngarangna;
6. Eusina mangrupa rekaan tina
realitas kahirupan sapopoe.
RIWAYAT HIRUP
Nya éta karangan anu eusina
nyaritakeun kajadian atawa peristiwa dina runtuyan waktu. Aya dua rupa riwayat
hirup, nya éta autobiografi jeung biografi. Autobiografi nya éta riwayat hirup
anu nepikeunana pribadi sorangan, biasana ngagunakeun sesebutan jalma ka hiji
“kuring”. Ari biografi nya éta riwayat hirup anu nepikeunana jalma lian,
biasana ngagunakeun jalma ka tilu “manéhna”. Hal-hal anu kudu aya dina riwayat
hirup, di antarana:
- Ngaran lengkep;
- Tempat, tanggal, bulan, jeung taun dilahirkeun;
- Ngaran kolot (indung jeung bapa);
- Pangalaman atikan atawa sakola jeung taun lulusna;
- Pangalaman gawé, ti mimiti nepi ka disusuna riwayat hirup;
- Kagiatan nu diiluan dina organisasi, kagiatan kamasarakatan, jsb;
- Karya-karya anu kungsi dijieun;
- Pangajén (penghargaan) anu kungsi ditarima.
Pancakaki
nya éta pernahna jalma ka jalma lian anu sakulawarga atawa baraya.